Home » » SESEBUTAN KA JALMA

SESEBUTAN KA JALMA

بِسْــــــــــــــــمِ اﷲِالرَّحْمَنِ اارَّحِيم


SESEBUTAN KA JALMA NYOKOT TINA PATOKAN BEDANA UMUR

Jabang bayi = orok anu masih di jero kandungan
Orok = ti mimiti dilahirkeun nepi kabisa diuk
Budak = mimiti bisa diuk nepi ka rumaja
Lelengkah halu = budak keur diajar leumpang
Kembang buruan = budak keur sesedengna pikayungyuneun
Bilatung dulang = budak keur sesedengna beuki dahar
Parawan, cawene,mojang = awewe nincak rumaja (can kawin)
Jajaka,bujangan = lalaki nincak rumaja (can kawin)
Parawan jekekan = keur sesedengna rumaja
Bujang jengglengan = keur sesedengna rumaja
Beger = mangkat birahi, awewe resep ka lalaki
Lalaki mimiti bogoh ka awewe.
Baleg tampele = beger nudibarengan rasa era (sieun)
Galak sinongnong = beger pikeun lalaki, ari ti kajauhan wani
Tapi ari geus deukeut era.
Turun amis cau = Awewe nu mimiti kaluar buuk lemes tina
Luhureun tarang.cirina sorana halimpu
Jeung resep dangdan atawa ngageulis.
Sengserang panon = awewe keur sesedengna resep ka lalaki.
Ngemboan = lalaki sorana ngagedean,badanna sembada
Jeung mimiti bijil kumis.
Bujang tarangna = lalaki geus kawin tapi can nikah
Parawan kolot = umurna geus kolot can boga salaki
Bujang kolot = unurna geus kolot tapi can boga pamajikan
Randa = awewe anu geus ditalak ku salakina
Randa bengsrat = awewe anu geus ditalak tapi can kungsi kawin.
Randa maesan = awewe anu ditinggal maot ku salakina
Turun karanjang = nikah ka adi beuteung
Gulangkep = nikal ka pamili
Beger mindo = beger ka dua (umur tilu puluh taunan)
Meunang umur = umurna opat puluh taun
Tengah tuwuh = umurna lima puluh taun
Cueut ka hareup = umurna lima puluh taun kaluhur
Tunggang gunung = umurna genep puluh taun ka luhur
Sengserang padung = geus kolot pisan
Tawehwoh = geus kolot, huntuna arompong
Tokroh-tokroh = geus kolot pisan , leumpangna geus kundang
Iteuk.
Pikun = geus kolot pisan,pamikiranana tos balik
Balik deui ka budak
Pancakaki = rundayan katurunan contona :
Indung bapa-anak-incu-buyut-bao-udeg
Udeg-janggawareng-gantung siwur-laer.
Pancakaki sejenna = kaka-adi-paman-bibi-uwa-toa-alo-suan-
Adi misan-aki-nini-uyut.
Dulur pet ku hinis = adi jeung lanceuk anu saindung sabapa
Dulur saindung = anu bareng dikandung ku indung
Dulur sabapa = anu bapana sarua
Dulur pateterean = salaki jeung pamajikan pada mawa anak
waktu nikah.
Dulur sasusu = anu bareng di susuanana
Dulur sabrayna,dulur misan = anak adi atawa anak lanceuk
Dulur mindo = anakna dulur misan
Kulawarga = indung bapa jeung anak
Pamili = nu saturunan atawa sakokocoran ti indung
Bapa.
Baraya = anu masih rundayan ti pancakaki.
Geungeun-deungeun = batur (taya patula-patali sareng pancakaki)
Baris wali = lalaki turunanti bapa
Panganten = lalaki awewe nuju ditikahkeun
Bebene = kabogoh lalaki
Beubeureuh = pisalakieun
Beubeureuh maneuh = salaki
Patih goah = pamajikan
Batur sakasur = salaki jeung pamajikan.

SESEBUTAN KA JALMA NYOKOT TINA PATOKAN RUPA JEUNG
WANDANA.


Montok = awak seseg jeung sehat
Bongsor = haloghog = gancang ngagedean
Buta daging = Keur meujeuhna ras
Geulis = awewe anu boga rupa hade
Kasep - lalai nu boga rupa hade
Bahenol = awewe anu rupana taya cawadeun sarta
Pikabitaeun
Songgeng = bujur nonjol ka tukang, cangkeng
Dengkeng
Telebeng = teu aya cangkengan
Budayut =bureuteu = beuteung nyemplu
Gembru = budak lintuh
Lenggik = awewe nu cangkengna leutik
Ceking = awakna leutik
Bayuhyuh = lalaki lintuh
Bucitreuk = gede beuteungna wungkul
Pacer = bitisna leutik
Gembil = pipina lintuh
Bongkok = tonggongna bengkung
Bongkok meongeun = bengkung palebah punduk
Jebleh = biwir handap ngapleh
Jeding = biwir luhur nyudik
Dengkol = tarangna nongnong
Deleng = panenjona menceng
Ciriwis = buukna carang
Beke = awakna pendek
Peang = awakna kuru teusaimbang jeung
Jangkungna
Pincang = sukuna leutik sabeulah
Pinjeg = tetepokanana luhur sabeulah
Rijep = matana sering ngerejep
Ngohngor = huntuna nonjol ka hareup
Tonggar = huntu luhur nonjol ka hareup
Deog pengkor = gempor teu bisa leumpang
Bedegul = awakna busekel
Bopeng = pipina pinuh kuceda urut cacar
Pecak = panonna teu nempo sabeulah
Bewosan = pipina jeung gado pinuh ku bulu
Sipit = siki panonna leutik (bangsa cina)
Bolotot = siki panonna gede
Rebing = daun ceulina rubak
Lolong = panonna teu nenjo
Rejeh = biwir panon beureum sarta caian bae
Pengkeh = sukuna upama nangtung saperti aksara
O (polio)
Teklok = sukuna upama nangtung saperti hurup
X (polio)
Egang = leumpang ngageang
Ponges = irungna cacad
Suwing = biwir luhurna beulah
Butak = buukna teu jadi saparo
Pireu = teu bisa ngomong
Torek = teu bisa ngadenge
Cadel = ngomongna teu bentes utama ngucapkeun
Hurup R
Candael = ngomongna anca
Latah,gehgeran = sok nurutan omongan batur,teukaop reuwas.
Saliwang, = anu salah pangdengena
Sumbiar = upama nempo teu bisa mantep,kamana
Karep.
Mikung = ceulina leutik jeung daun ceuli kewung
Cameuh = gadona nyueut ka hareup
Kampeng = sirahna penjol
Buntet = awakna pondok
Jebrag = dampal sukuna meber ka gigir
Kiting = Ramona merengkel
Kampreng = leungeunna paeh teu bisa diobahkaeun
Cenggehan = Ramona aya nunempel (gene)
Keueusan = huntu budak anu teu jadi, jiga ompong
Karehol = huntuna teu beres
Galing = buukna merengkel
Galing muntang = galling tungtungna wungkul
Kempot = pipina ngalewo upami imut saperti liang
Undur-undur
Bule = kulit jeung buukna bodas saperti walanda
Hideung santen = semu hideung jeung mulus beresih
Gondok = panyakit dina beuheung ngagayot
Sengkek = beuheung pondok
Ompong = huntuna parunglak
Harigu manukeun = dadana nonjol ka hareup
Taktak korangeun = taktakna mudun (saperti korang)
Hulu peutieun = huluna leutik teu saimbang jeung badanna
Beuteung anjingeun = beuteungna neros gede kaluhur (saperti
Beuteung anjing)
Beuteung bangkongeun = beuteungna rubak ka gigir
Bengo = Sungutna menyon ka kenca/ka katuhu.

ٱلْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ ٱلْعَٰلَمِين

Creatif By : Unknown ~Amar Ma'ruf Nahi Munkar~

Anda sedang membaca artikel SESEBUTAN KA JALMA. Yang ditulis oleh Unknown. Jika anda ingin sebarluaskan artikel ini, mohon sertakan sumber linknya. Kritik dan saran dapat anda sampaikan melalui kotak komentar.
Share this article :
Comments
0 Comments

0 komentar:

Posting Komentar

Cari di sini :

RANDOMIZE

 
Support : Bale-bale Palupuh | TipsTrik Blogger | MTs Al-Falah Jatinangor
Copyright © 2013. MTs AL-FALAH CILELES - All Rights Reserved
Template Created by Abahvsan Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger